Peperenian Urang Sunda
Ngaran Kembang :
Kembang Awi : eumbreuk
Kembang Bako : bosongot
Kembang Bawang : ulated
Kembang Bolang : ancal
Kembang Boléd : tela
Kembang Cabé: bolotot
Kembang Cau : jantung
Kembang Céngék : méncéngés
Kembang Cikur : jelengut
Kembang Eurih : ancul
Kembang Gedang : ingwang
Kembang Génjér : gélényé
Kembang Hoé : bubuay
Kembang Honjé : comrang
Kembang Jaat : jalinger
Kembang Jambé : mayang
Kembang Jambu Aer : lenyap
Kembang Jambu Batu : karuk
Kembang Jarak : uing
Kembang Jéngkol :
mérékényényén
Kembang Jeruk :
angkruk/angkes
Kembang Jotang : punting
Kembang Kadu : olohok
Kembang Kalapa : suligar
Kembang Kalur : pelepes
Kembang Kaso : curiwis
Kembang Kawung : pengis
Kembang Koneng : badul
Kembang Laja : jamotrot
Kembang Leunca : pengil
Kembang Peuteuy : pendul
Ngaran Anak Sato :
Anak Anjing : kirik/kicik
Anak Badak : putri
Anak Bangbung : kuuk
Anak Bangkong : buruy
Anak Banteng : bangkanang
Anak Bagong : bedul/benyit
Anak Belut : kuntit
Anak Beurit : cindil
Anak Bogo : cingok
Anak Buaya : bocokok
Anak Deleg : bayong
Anak Embe : cema
Anak Gabus : boncel
Anak Gajah : ménél/karaba
Anak Hayam : pitik/ciak
Anak Hurang : rarong
Anak Impun : gendot/gendol
Anak Japati : piyik
Anak Kancra : badal
Anak Kuda : belo
Anak Kutu : kuar/balagendir
Anak Lauk : burayak
Anak Lauk Bandeng : nénér
Anak Lélé :
jéjéréndél/nanahaon
Anak Lubang : leungli
Anak Maung : aom/aden
Anak Meri : titit
Anak Monyet : begog
Anak Munding : énéng
Anak Reungit : utek-utek
Anak Simeut : mikung
Anak Sapi : pedet
Anak Ucing : bilatung
Anak Papatong : kini-kini
Ngaran Kandang Sato :
Kandang Anak Lauk : buleng
Kandang Hayam : paranjé
Kandang Japati : pagupon
Kandang Kuda : gedogan/istal
Kandang Lauk : karamba
Kandang Lauk Bandeng :
émpang
Kandang Lélé : rumpon
Kandang Munding : karapyak
Kandang Manuk : kurung
Kandang Maung : karangkéng
Itungan Waktu :
Janari Gede : tabuh
01.00-03.00 WIB
Janari Leutik : tabuh
03.30-04.30
Balebat : waktu fajar geus
udat-udat belah wetan (04.30-05.00)
Carancang Tihang : geus
liwat fajar, waktu tetenjoan masih remeng-remeng (05.00)
Haneut Moyan : waktu
ngeunah-ngeunahna dipake moyan (07.00-08.30)
Rumangsang : panon poe geus
karasa panas (09.00)
Pecat Sawed : waktu munding
anu dipake ngawaluku sawah dilaan (dipecat) sawedna (10.00)
Manceran/Mentarangan : panon
poe aya luhureun sirah (12.00)
Lingsir Ngulon : panon poe
geus mimiti ngageser ka Beulah kulon (13.00)
Panon Poe Satangtung : 15.00
Tunggang Gunung : panon poe
mimiti surup dina luhureun gunung (16.00-17.00)
Sariak Layung : layung
cahaya panon poe katenjo burahay beureum (17.00-18.00)
Sareupna : geus mimiti reup
poek (18.30)
Sarereuh Budak : waktu budak
leutik geus carapeeun ulin jeung ngaji (20.00)
Tengah Peuting : 24.00
Ngaran Usum :
Pagebug : usum loba nu
gering parna jeung nu maraot
Sasalad : usum loba panyakit
nu babari tepa
Patepok : usum loba nu kawin
Tigerat : usum kurang
dahareun (beas/pare)
Mamareng : mimiti rek ngijih
Ngijih : usum hujan ngecrek
saban poe
Dangdangrat : usum hujan
paselang jeung halodo (kakapeungan)
Katiga : usum teu ayana
hujan
Nyambut : usum mimiti
ngagarap sawah
Tandur : usum melak binih
pare
Ngarambet/Ngoyos : usum
patani miceunan jukut sawah
Celetu : usum pare culcel
baruahan
Beukah : usum pare geus loba
nu buahan
Rampak : usum pare geus rata
Nyacar : usum nyacar
leuweung pikeun serang/pihumaeun
Itungan Lobana Paré :
Saeundan = ½ Pocong
Sapocong = 2 Eundan
Sagédéng/Sageugeus = 2
Pocong dihijikeun
Sasangga = 5 Gédéng
Sabawon = 4 Pocong
Salajer = 4 Sangga (20
Gédéng)
Satanggung = 50 Geugeus
Samadea = ½ Caéng – 20
Sangga
Sacaéng = 2 Madea – 40
Sangga (200 Gédéng)
Panca Kaki :
1. Tambak Galeng
2. Gerpak
3. Kait Siwur
4. Udeg-Udeg
5. Janggawareng
6. Canggah
7. Bao
8. Buyut
9. Nini/Aki
10. Indung/Bapa
11. Kuring
12. Anak
13. Incu
14. Umpi
15. Cicip
16. Muning
17. Angga Santana
18. Kula Santana
19. Preti Santana
20. Wit Wekas
Jampe/Ajian/Jangjawokan/Rajah
Jampé bisa disebutkeun karya
sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku éstétika basa.
Jampé atawa mantra (basa
Sansekerta) kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampé téh ucapan-ucapan atawa
kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawé bari saméméhna dibarengan
ku rupa-rupa pasaratan.
Tapi mun nilik kana pilihan
kecap anu leubeut ku idiom-idiom nu kuat, jampé ku pangajén basa mah bisa
diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku
éstétika basa, kaéndahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak
genah kadéngéna jeung kacida mangaruhan ka anu ngadéngéna.
Meruhkeun Musuh
Sima aing sima
maung
Sima manusa
satitik manggiri, satangkal jeung badan
Marah sia geus
kapungkas
Sangkiricik
ngaran sia keur leutik
Sangkuricak
ngaran sia keur budak
Kapingkas
kapungkas amarah sia ku aing
Sing asih, welas
asih ka diri aing
Kilah Kaprabuan
Mataing katalama
sung prabuan
Inya artata wung
lingga ingkanan
Estu natala,
estu natala
Sing kabeh ka
kama
Ka kama irta
kalla ima-ima
Kallama asih
rangtakun
Ngantup sing
ukur
Kama irta
prabuan
Batara Karang
Pangabaran
sajagat gulung manik maya
Gentak satetel
guna wisésa
Dada sia dada
aing ret buret
Papuket-puket
badan sateruk jadi tunggal
Tunggal raga
kalawan nyawa
Nyawa sia nyawa
aing
Satunggal sajaya
Saciduh metu
saucap nyata
Leungeun kula
badan kula
Weteuh ning waja
Asihan
Samping aing
kebet lereng
Ditilik ti gigir
lenggik diteuteup ti hareup sieup
Mikaeunteup
mikasieup
Mangka eunteup
mangka sieup ka awaking
Awaking ratu
asihan
Ti luhur
kuwung-kuwungan ti handap téja mentrangan
Ditilik ti
tukang lenggik ditilik ti gigir sieup
Mangka eunteup
mangka sieup
Asih… asih…
asih…
Asih ka badan
awaking
Si Taruk Gadung
Asihan aing si
taruk gadung
Sataruk nu matak
lanjung, salambar nu matak hayang
Sasoéh nu matak
léwéh, sih asih ka badan awaking
Asihan
Assalamu’alaikum,
wa’alaikumsalam
Semar kuncung
mesem semar
Pul-pel kana
awak aing
Silih getrep
silih asihan
Gentur pélét
aing sing malik
Anu diamat ku
aing sing lieur
Sih asih ka awak
aing
Sing kapincut ku
aing
Bismillahirrohmannirrohim
Niat ti rasa
niat ti sari
Balik niat ti
rasa teu suka
Balik niat ti
sari bari ceurik
Nyaliara Beubeureuh
Beubeureuh
katineung
Batu pacacar
katinggang cai
Heur..
nyalangsakan ti puncak gunung
Palapar tepung
na panon poe
Bebene
ticangreud
Cangreudna
paparuguh
Geuning wanoh
kuring si gagah
Si gagah si
menak
Si asih pating
harayu
Harayu mulih
kanu sing ati
Hurung pahoyong
geugeut ka kuring
Geugeut ka
kuring !
Asihan
Bismillahirrohmannirrohim
Aci herang, aci
lenggang
Aci mayap di
buana
Dikukut teu
geusan mangku
Dikundang teu
geusan leumpang
Ari jauh aing
tuturkeun
Ari anggang aing
teang
Ari deukeut aing
anteurkeun
Mangka welas
maka asih
Asih sia komo
aing
Asihan
Bismillahirrohmannirrohim
Tung lantung
Siang lantung
sore lantung
Ditiung ku Cinde
Wulung
Dikenyed ku
panyabaran
Dipelak girang
tampian
Milih neneh
milih asih
Sing asih
…………………….
Ti katuhu gula
tiwu
Ti kenca gula
kalapa
Sir rasa sir
pangawasa
Nur na Cahayana
Muhammad
Laa
illahaillalloh
Muhammad
Pangersana Alloh
Susuk Gelung
Nu nangtung di
kuwung-kuwung
Nu calik di mega
malang
Dikodet bentang
ranggeuyan
Nya irung
bentang timuran
Nya halis
katumbirian
Nya tarang
lancah mentrangan
Diteteup ti
hareup sieup
Disawang ti
tukang lenjang
Mangka welas,
mangka asih
Sing asih… sing
asih…. Sing asih…
Pangasihan
Ka indung anu
ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu
teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka dulur opat ka
lima pancer
Pang nepikeun
ieu haté
Ka indung anu
ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu
teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka …………… ka
dulur opat ka lima pancer
Kalawan kanu
ngurus ngaluis
Hirup jeung
hurip……………
Pamugi sing
deudeuh ka ……………
Miara Awak
Tangtung aing
Ratu Galuh
Perlaku aing,
jaya aing
Ka di kuwung
Ka di layung
Ka di siang
Nunjang anom
Nu lungguh dip
anon poe
Pakan peunteu,
bula ros di muakalam
Mandi
Sarauk banyak
kastori
Sacibuk
manggilang-manggilang
Karesmining
tatapakan rosul
Hurip mulya
Cahya cahyaning
Gusti
Sia tetep, sia
madep
Sia lulut, sia
emut
Sujud sinembah
Rep.. ka awaking
Sirep tutunggal
Gusti ning
cahaya illahi
Cahaya qolbu
Hei………….
Tali ari-ari
satukal budah kula
Rep sirep
geterin taneuh Guntur
Geter-geter ati
mikacinta sia ka kula
Rep rapet
ubun-ubun
Sapeuting
nyaring, sawulan inget
Prak keur sia
Kadugalan
Bismillahirrohmannirrohim
Lung-lung kalung
jasilung
Barsat
siat-siat-siat
Kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat
Tampalan Waja
Ngajénkeun
nayagag na sasak raga
Jemat cai
sampareun pangajén
Pangajén pacarak
tampa
Katampa
katumpukatali mada
Na dieu waragan
ragaseja malik patelak cai malik
Ka sasanggalakan
nu nyempah pararatan
Langin ganggala
hyang
Kula nyampar
kasakténan sakti
Rampa liat
nyisik bumi
Taneuh galiat
nyasak awing
Jah amaji panca
tapak gagad
Aji rancighanjag
wancag
Aji tapik tapak
rencag
Raga Baja
Raganing kuat,
hate ning suci
Pangijen
sangyang lin-lin sagawayah
Raga kula
seugseugna patali rap na ti gusti
Sumangga rap na
awak
Raga baja
saturna blos siga cai
Alih raga kula
shakti mantra guna
Shadat (Syahadat) Sancang
Asyhadu syahadat
sunda
Jaman Allah ngan
sorangan
Kaduana Gusti
Rasul
Katilu Nabi
Muhammad
Kaopat umat
Muhammad
Nu cicing di
bumi angaricing
Nu calik di alam
keueung
Ngacacang di
alam mokaha
Salamet umat
Muhammad
Ka Tempat Sanget (Shadat
Rambut Kasih)
Ashadu Shadat
Nyi Rambut Kasih
Shadating Prabu
Renggas Panyuruh
Wiradenta
Partanegara Nyi Rambut Kasih
Tungku tilu,
jangka papat
Guru tanpa weru,
Pangeran tanpa werat
Sakabehing
Gunung Sunda
Panatagama
Renggas Panyuruh
Sri Maharaja
Girilawungan
Den Istri Dewi
Pitaloka Girilawungan
Sindangkasih
Sugih Mukti Majalengka
Panyinglar Kunti
Bismillahirrohmannirrohim
Nyi Dadru Nyi
Bambrang Séra
Sia ulah lengok
depong ka dieu
Di dieu mah lain
tahaneun sia
Di sabrang di
Palembang
Di laut
Nusatengah
Sira mati
kuntilanak
Hurip
saanak-anak Sang Ratu Lingga Buana
Murus maris
maring ingsun
Clag hurip sia
ulah lengok depong ka dieu
Di dieu mah lain
tahaneun sia
Tuh di ditu di
tétélan méga malang
Panyinglar
Singlar aing
singlar Pakuan
Prabu Kian
Santang Sang Rumajang
Prabu Gagak
Lumayung Ong Bayu
Kasinglar putrid
ayu
Laaillahaillallahu
Muhammadurrasulullah
Sang Ratu
Hideung keupeul
Nu tapa na
dampal leungeun
Kian Santang
Kang Lumajang
Papatih Gagak
Lumayung
Tuan Haji
Kudratullah
Maung Garonggong
Keun béh dieu
kula radapan na jigjig
Nangtung
nanjakan sanghareup kidul
Keun béh ditu
réngréang welang gigibrig
Patanya dunungan
kula rai bangheulang
Kukutan sing
garanggong tuang saha nu ganggu
Bari gebrig
nincak alat-alat taneuh léat
Haleuang maung
garonggong alét ka kula
Hag jag, hancag
ranggé Hyang mangku
Pamuka Pirejekieun
Nandingan jaka
warna ngempak awang
Jugjug taya di
dana
Matri ieu harti
Harti pangusiran
Nu nyangking
nyampring
Tétélakeun laat
panincak
Eusi gebrig
Mudal kawasa
Galuh
Tuh, Galuh,
galeuh nu kula
éstu Sanghyang
Jagat Alam Jagat Nunggal
Munggaran Raga
Sacemplak
tingpuruluk
Rante badag
tingcareplak
Hade sing ngarah
hade
Wasa sing warah
wasa
Tetepi kulit
kula
Dagdagan raga
kula
Nyampang tebih
nyampang heang
Nyampang gering
mun diteang
Bear Panggaleuh
Rampak ti
sekarna, rampug kana bati
Nyurug ting
jeroning, laweur ka parantina
Tutug suku
mangun taraju
Nampak megah
nampa bati
Caang bengbang
langlayung neureup
Nampa talapak
raih pamake
Has junjunganana
Hap… sanggap
Pangabaran
Ong galudra
tumpak di muka
Nya biwir capit
kapiting
Ciduh aing
sakaracak geni
Kiceup aing
marangi kilat
Batuk aing sada
gugur
Sora aing sada
gelap
Diuk aing
tandaning langit
Napsu sia henteu
tulus beh tanya
Bawana welas
karunya ka raga anaking
Aing pangabaran
eyang Prabu Siliwangi
Sajagad kabeh
sahiji
Saraga sanyawa
jeung Ashaduallaillahaillallah waashadu anna Muhammadarasulullah
Jangjawokan Baduy
Sapun
Awaking reuk
maképasang panjang pasadun
Pok sablapun
Meunang Ahung
(7x)
Ahung deui,
ahung deui
Ahung malungga,
ahing malingga
Ahung mandegdeg,
ahung mangandeg
Ahung manglindu
asih
Ka Ambu aing
Sira mangambung
Ka Bapa aing
Sira mangumbang
Pangjungjungkeun,
panglawungkeun
Ku Ambu aing
Sira manglaung
Ku Bapa aing
Sira mangumpang
Pangnyambungkeun
aing saur
Pangngapakeun
aing saba
Ka luhur
Ka méga beureum,
ka méga hideung
Ka méga si
karambangan, ka méga si kareumbingan
Ka méga si
karénten
Ka méga si
kalambatan, ka méga si kaleumbitan
Ka méga si
antrawela
Ka kocapna, ka
ucapna
Ka puncakning
ibun
Ka guru putra
hiyang bayu
Ka nu wéang
nyucruk ibun
Ahung…
Taji Pangharti
Taji tataan kudu
diaji
Pangaweruh
nuturkeun beunghar
Sungkun migusti
tamping talapak na dua taktak
Nangtung make
adeg
Nejo maké jero
Ngucap pangwaler
Awak sangkan
hirup
Mituduh lawangna
dunya nutup na ahir
Kudu harti kana
harta lin harta kana harti
Paragi Dibuat
Sukma nu mipit,
sukma nu dipipit
Tunggal badan
kalawan nyawa
Nyi Pohaci
Mayaherang
Nyi Pohaci
Mayalenggang
Ulah geder ulah
reuwas
Cunduk anu mupu,
datang anu ngala
Nya maneh sarasa
tunggal
Kahanan sri
kadunan
Kandi candoli
aci permana dewa
Aci asihan
Jampé Melak Paré
Tabé, Pohaci
Sanghiyang Asri
Hayu urang balik
ka weweg sumpeg
Ka mandala
pageuh
Balik ka imahna
beurang kénéh
Amit-amit ka
Batara
Ka Batara ka
Batari
Amit ka nu boga
bumi
Amit ka nu boga
balé
Kami rék
ngarérémokeun
Nyi Pohaci
Hiyang Asri
Sina dikawin di
bumi
Di buana
Pancatengah
Pancer tengah
pasar Allah
Nyi Pohaci
Hiyang Asri
Aya di bumi
pertiwi
Ulah geder ulah
reuwas
Mangka langgeng
mangka tetep
Maka hurip
kajayaan
Nu kosong
pangeusiankeun
Nu celong
mangminuhankeun
Nyokot dua
nyokot tilu
Nyokot tilu
nungku-nungku
Datang opat jang
ngajajar
Datang lima tanpa
wilangan
Genep tujuh sing
mungpulung
Datang dalapan
sajajar
Salapan di
Pancatengah
Aya di bumi
pratiwi
Mangka hurip ka
beutina
Mangka miakar
lir kawat
Mangka marontok
borona
Mangka hirup ka
pucukna
Ulah geder ulah
reuwas
Mangka jangkung
laput tunggul
Limpas ka catang
kiara
Migagang omas
ranggeuyan
Saréana salobana
Rajah Pamunah
Buyut gahung
liman putih lalakina
Nu ngemit di
cahaya buana
Lemah kadapat
lemah kadapit ku cai
Cihaliwung
nunjang ngidul
Cisadané nunjang
ngalér
Nyalopa ka
Gunung Kujang
Kit prabakit
Gunung Manik na Pakuan
Suda mala suda
mali
Buyut putih
mullah mulih
Sang waruga kala
sang waruga lemah
Nini rupani
papan aing séda sakti
Puput ku bayu
ilang ku bayu
Kapuput ku sang
séda tunggal
Nya aing sang
séda tunggal
Lemah putih
jagat pasagi
Eusina rajah
pamunah
Tetep nu sakti
datang wisésa
Nya aing ratu
wisésa
Buyut gahung
ratu gahung
Eusina sekar
buana
Nu neureuy buana
inih
Sakenan-kenan
acining betining Pertiwi
Eusina rajah
pamunah
Deuk mantog ka
langit istan hawar-hawar
Tulak talék,
tulak tanggul
Bisi datang ti
buana ti sang intel pulen
Ti katuhu sang
suru wulung
Ti kénca cakra
wisésa
Keur ngajaga
jurujana teu katara
Disinglar ku
bayu singular
Racik-racik ku
baginda
Raksukan
susumbar jawa
Apar ya nampik,
istan hawar-hawar
Tulak talék,
tulak tanggul
Bisi datang
buana ti kalér, pang mulangkeun ka kalér
Bisi datang
buana ti wétan, pang mulangkeun ka wétan
Bisi datang
buana ti kulon, pang mulangkeun ka kulon
Bisi datang
buana ti kidul, pang mulangkeun ka kidul
Pangdatangkeun ka
Nyi Pohaci rumanangsay
Apar ya nampik,
istan hawar-hawar
Rajah
Amit ampun nun
paralun
Ka Gusti nu Maha
Suci
Neda pangjiad
pangraksa
Para abdi-abdi
seni
Seja ngaguar
laratan, titis waris nini-aki
Ngembatkeun
jalan lantaran
Ka tampian
geusan mandi
Ka leuwi
Sipatahunan
Leuwi nu
ngaruncang diri
Diri nu sakiwari
Rek muru
lulurung tujuh
Ngaliwat ka
Pajajaran
Bongan hayang
pulang anting
Padungdengan-padungdengan
Jeung usikna
pangancikan
Pun… sapun
Samapurasun ka
rumuhun
Ka Hyang Prabu
Siliwangi
Nu murba di
Pajajaran
Pangauban
seuweu-siwi
Nu gelar di
tatar Sunda
Muga nyebarkeun
wawangi
Panyinglar
Unu-unu dimana
ngedeng
Ngedeng tong di
mana-mana teuing
Ti peuting
Sanghyang Pertiwi
Ti beurang
Sanghyang Muntara lulun ali-ali
Batara Guru bisi
datang
Wisaya ti
tukang, tulang ku sanghyang
Batara Gamblang
bisi datang
Wisaya ti gigir,
bintih ku sanghyang
Naga Gunting
bisi datang
Wisaya ti
hareup, beulit ku sanghyang
Ngarajah bisi
datang
Wisaya ti luhur,
tuduhkeun ku sanghyang
Naga Gamblang
muhung ruping
Bungtan ku
layung Batara Guru
Panangkal Dodoja
Ngahambatan
awak-awak-awak kula
Awak kula sing
jago sapaten satataga
Ngahambatan lir
cai marapay lulur
Nu nyurup
sajabaning jurig jarian
Teu wasa kana
kula moal ngancing
Tibeberik nu
jagina nyambat Sanghyang
Tur nu Maha kuat
Moal sia,
nyingkah sia
Ya Allah, ya
Allah, ya Allah, ya Allah sajagat
Gening yeh
dodoja mulang muruluk ka pribumi
Sakti kawasana
anjeun Gusti teu sabanding
Muara Panyambung Napsu
Dewi sakti
linggih na dirina
Dirina diri kula
Kulana hate
panceg
Pancegna asih nu
kula
Pelong tatambat
puncak rahayu
Teu wala teu
kaya teu walakaya
Cicing meti
satungtung maung ngurat kana awiga raga
Si neneg raga si
kakang nyalindur
Siga impen teu
emut hadir
Hadir, hadir
muara na surga
Bebenjokeun
kapalayna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar