1. Dongeng Fabel Sunda
"Sakadang Kuya"
Kulantaran kitu, tuluy
manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyet,
uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing
tulungan pangalakeun, engke paparoan”
“Hade,” tembal Sakadang
Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau
tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut
dihakanan.
Sakadang Kuya mah teu
dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh. “Sakadang
Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya
ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet
teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku
cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina hiji poe isukana,
Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana
bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna
indit nepungan Sakadang Monyet.
Biwir sakadang kuya
dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak,
cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang
Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!” Tembal
Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa
paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik,
uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta ngarah
dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere
cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?”
“Hampura bae atuh nu
enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin
Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa
teuing mah top bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah
dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.”
Sakadang Monyet pihara
atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran
tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di
tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer,
jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida
sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.
2. Dongeng mite nyi roro kidul
Jaman baheula di Pulo
Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti prameswari kagungan
putra istri, jenenganana Dewi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk
ka awun-awun, kawentar ka janapria, malah nepi ka nelah Dewi Srangenge, lantaran
cahayana moncorong lir srangenge.
Dewi Srangenge kacida
pisan dienodna, dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog
beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weleh neneda, neneda ka Hyang Dewata
katut batara-batari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget.
Nanging anu
diantos-antos teh, ti prameswari Raja teu kagungan putra deui. Teu kantos lami
ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanes ti prameswari, nanging ti
selir, anu jenenganana Dewi Mutiara.
Putrana pameget luyu
sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Dewi
Srangenge, ka putra ti Dewi Mutiara oge, kalangkung-langkung nyaahna.
Sanaos Dewi Mutiara tos
nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget tea, nanging ku margi Dewi
Mutiara teh selir, linggihna angger bae di gedengeun karaton, henteu di lebet
karaton sapertos prameswari.
Manah Dewi Mutiara
ngageremet teu sugema, timbul bae rasa ceuceub ka prameswari, dibarung ku rasa
sirik ka Dewi Srangenge. Malah aya leuwihna ti kitu, manehna boga kahayang,
sangkan anakna jadi raja.
Lamun seug anakna jadi
raja teh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara
ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna oge tangtu Ibu Suri.
Dewi Mutiara terus
mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya keneh Dewi
Srangenge jeung prameswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh
deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan
kudu kumaha carana?
Kabeneran aya nu
ngabejaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awewe tukang tenung sakti, an
ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadenge eta beja, Dewi Mutiara kacida pisan
bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung
Parahu.
Barang tepung jeung
Nini Jahil, pok Dewi Mutiara nyaritakeun niatna, nya eta hayang nyingkirkeun
Dewi Srangenge katut prameswari. “Kumaha sanggup?” cek Dewi Mutiara. “Tai ceuli
atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipaehan,” cenah deuih. “Ulah
hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin.
Maksud maneh Dewi
Mutiara teh, prameswari jeung Dewi Srangenge, rek ditenung supaya beungeutna
ruksak.
Ingetanana, ari
beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, atawa disingkurkeun ka
leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.
Kacaritakeun dina hiji
peuting, waktuna pangeusi karaton sarare tibra, Nini Jahil asup ka jero
karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang oge anu nyahoeun.
Para-ponggawa nu ngajaraga kabeh sararena kawas bangke, gara-gara elmu sirep
Nini Jahil.
Sup manehna rerencepan,
asup ka pangkuleman prameswari. Terus ngaluarkeun elmu tenungna. Ku
matih-matihna elmu tenung Nini Jahil, harita keneh pameunteu prameswati pinuh
ku bisul sagede-gede suuk.
Teu kaop katoel
meueusan, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.
Beres prameswari
ditenung, giliran Dewi Srangenge. Ieu oge sami sakedet netra pisan, pameunteu
anu sakitu geulisna, robah jadi goreng patut.
Pinuh ku koreng, borok,
jeung bisul. Sarua deuih teu kaop katoel saeutik, barijil nanah campur getih,
bauna semu hangru. Nini Jahil kaluar ti karaton, tuluy nyampeurkeun ka Dewi
Mutiara. Nini Jahil nyaritakeun pagaweanana, geus nenung prameswari jeung
anakna. “Moal teu buruk geura tah beungeutna!” ceuk Nini Jahil bari seuri
nyikikik.
Dewi Mutiara kacida
pisan bungahna. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik.
Teu kungsi lila ti
harita, Dewi Srangenge gugah, margi ngambeu babauan. Anjeunna ungas-ingus,
tetela asalna tina pameunteu anjeunna.
Dewi Srangenge
ngeunteung. Ari breh ningal pemeunteuna, Dewi Srangenge ampir-ampiran ngajerit,
bakating ku reuwas jeung sedih. Ras Dewi Srangenge emut ka ibuna, enggal lebet
ka kamar ibuna, teras diguyah-guyah digugahkeun.
Naha atuh ari breh teh,
geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami-sami ruksak, pinuh ku borok
jeung bisul nanahan, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.
Indung jeung anak,
antukna ceurik paungku-ungku. Duanana rerencepan kaluar ti kaluar. Terus kaluar
ti karaton. Pangemut anu duaan, meh sami, jang nanahaon aya di karaton oge,
lantaran boga beungeut beda ti batur. Ti batan diusir ku Kangjeng Raja, mending
miheulaan kabur ti nagara.
Isukna ibur sapangeusi
karaton, prameswari jeung Dewi Srangenge, wengi-wengi ngalolos ti karaton. Taya
anu nyahoeun saurang oge, ka mana leosna eta dua putri teh. Sabalikna jeung
Dewi Mutiara, ngadenge eta beja teh seuri bungah, lantaran maksudna geus
laksana. Nyingkirkeun prameswari kadua anakna.
Prameswari jeung Dewi
Srangenge, duaan leumpang sakaparan-paran, lumampah nuturkeun indung suku.
apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug. Mubus ka leuweung geledegan, leuweung
ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Hatena nalangsa kabina-bina.
Sakali mangsa jog ka
hiji patapan. Patepang jeung hiji pandita. Bubuhan pandita sakti, mibanda elmu
linuhung, weruh sadurung winarah, pribumi langsung uninga, istri anu sarumping
teh taya sanes, prameswari kadua putrana, sanaos pameunteuna kacida ruksakna.
Henteu papanjangan
carita, prameswari jeung Dewi Srangenge, diangken langkung ti misti, malah
dianggap putra jeung putu. “Nyai jeung incu Eyang, ayeuna teh keur meunang
cocoba. Cocoba anu sakitu beuratna. Ayeuna mah ngarereb bae di dieu,” ceuk Ki
Pandita ka prameswari.
Prameswari kadua Dewi
Srangenge, ahirna ngarereb di patapan. Ki Pandita usaha satekah polah,
ngalandongan panyawatna. Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil, Ki Pandita
teu tiasa ngalandongan. Aya ari pituduh mah eta oge, pituduh ngeunaan jalma anu
juligna.
Eta dua istri kacida
ngarumasna, tuman hirup di karaton sagala nyampak, ari ayeuna di patapan sagala
euweuh. Euweuh nu ngaladenan-ngaladenan acan. Eta anu salawasna jadi emutan
prameswari, utamana mah nasib putrana ka payunna.
Ku tina seueur teuing
emutan tea, brek bae prameswari teh teu damang, tug dugi ka pupusna di patapan.
Ki Pandita kacida pisan ngangresna, mireungeuh kaayaan prameswari kitu. Nyel
bae aya karep males kanyeri, ka nu geus boga laku julig. Ki Pandita uninga ka
nu boga dosana.
Lajeng bae ngutus maung
kembar, sina ngahukuman Nini Jahil. Duanana teu meunang waka balik, salila
tukang tenung jahat hirup keneh.
Maung kembar indit ti
patapan, rek ngajugjug ka Gunung Parahu. Sarta teu kungsi lila ti harita, di
tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil geus kapanggih jadi bangke, Beungeut
jeung awakna ruksak, kawas tapak ngareweg maung.
Dikantun pupus ku
ibuna, Dewi Srangenge kacida pisan sedihna, raosna teu aya deui batur pakumaha.
Aya oge Ki Pandita anu haat nyaaheun, da teu sarua jeung indung kanyaahna. Dewi
Srangenge sering emut ka ibuna, ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan.
Wengi-wangi anjeunna
rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sanes teu uninga, putu angkatna kabur
ngantunkeun patapan. Tapi ku Ki Pandita henteu dihalang-halang. Tibatan manah
Dewi Srangenge teras sedih, emut bae ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina
milari pangalaman.
Saha anu terang Dewi
Srangenge teh bakal pinanggih jeung kabagjaan. Caturkeun Dewi Srangenge,
saparantosna ngalolos ti patapan, angkat henteu puguh nu dijugjug. Angkat
sakaparan-paran kitu bae. Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina.
Saban ngalangkungan
leuweung, anjeunna ngarep-ngarep ajal datang, dipacok oray atawa dihakan sato
galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daek ngahakan, sakur
sasatoan di eta leuweung, kalah paheula-heula nyalingkir. Teu daek
deukeut-deukeut acan.
Duka pedah henteu
tegaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka henteu kuat ngambeu bauna.
Lami-lami Dewi
Srangenge teh jog anjog ka sisi basisir kidul. Lalampahanana kandeg di dinya,
kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu.
Ku margi ngaraos kacida
bingungna, ka mana nya kedah neraskeun laku, anjeunna liren handapeun tangkal
kalapa, sakantenan niat ngareureuhkeun kacape. Dewi Srangenge nanghunjar dina
kikisik, bari nyarande kana tangkal kalapa. Neuteup anteng ka tengah laut.
Sakedapan lali kana
kasedih manahna. Angin laut lir nu ngusapan salirana, lami-lami ngaraos tunduh
anu kacida. Reup bae kulem di dinya tibra naker.
Sabot Dewi Srangenge
kulem, anjeunna ngimpen anu luar biasa, impenan sapertos anu enya-enya
kajadian. Dina eta impenanana, anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki. Eta aki-aki
nganggo anggoan sing sarwa bodas. Ari kana rupina, asa henteu asing deui. Asa
kungsi panggih, ngan duka di mana.
Eta aki-aki pok
sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup
sangsara. Ayeuna mah geura gugah, heg geura siram dina cai laut. Engke sagala
rupana baris balik deui, balik ka sabihara-sabihari. Rengse siram ulah ka
mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”
Tamat aki-aki sasauran,
Dewi Srangenge gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida
legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna enggal-enggal siram. “Anu
bieu teh impian ilapat atawa riwan?” gerentes manah Dewi Srangenge.
Tapi ahirna mah Dewi
Srangenge henteu seueur deui anu diemutan, ku tina parantos pasrah tea kana
kadarna. Gebrus bae ka laut, ibak kokojayan. Cai laut asin teh karaosna asa
seger. Anehna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita
keneh langsung beresih.
Kasauran aki-aki henteu
lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong deui sabihari kawas
panonpoe kakara medal. Kantenan Dewi Srangenge pohara bingahna. Anjeunna
ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu matak anehna.
Wareg siram kokojayan,
lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang herang. Malih
raraosanana mah langkung geulis, langkung cahayaan ti nu parantos-parantos. Teu
karaos tina socana bijil cisoca, mapay kana damisna anu limit, cisoca anu
meDONGdal tina kabungah taya hinggana.
Nurut kana kasauran
aki-aki dina impenan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos
kasumpingan satria, anu bade ngajak nikah tea. Dewi Srangenge percanten kana
kasauranana, ku margi apan parantos aya buktosna. Pameunteuna anu tadina ruksak,
ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.
Ngan naha atuh nu
diantos-antos teh henteu daek sumping bae. Anjeunna meh unggal dinten ngalangeu
di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut. Sangkaan anjeunna, moal henteu,
satria teh sumpingna ti tengah laut. Lamun kana kapal laut, geuning taya
celak-celakna acan. Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.
Sadinten, dua dinten
nepi ka saminggu, Dewi Srangenge masih tiasa nahan kasabaran. Saminggu, dua
minggu, dugi ka sasasihna, sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna, Dewi Srangenge
seep kasabaranana. Lami-lami timbul bendu ngagugudug, margi asa dibohongan ku
aki-aki, anu patepang dina impenan tea.
Dewi Srangenge penggas
pangharepan, bendu dibarung kun genes ngangres. Tungtungna jleng bae luncat ka
laut, maksadna bade luluasan, milih neuleumkeun maneh ka laut, nyebakeun
salirana ka pengeusi laut, sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu, atawa diteureuy
buleud ku lauk paus.
Tapi cai laut kalah
nyalingray, kawas nu mere jalan ka Sang Dewi. Kitu deui sakabeuh pangeusina,
rupa-rupa lauk nu gede nu leutik, daratang ngabageakeun. Tungtungna Dewi
Srangenge teh diangkat jadi ratu di sagara kidul, katelah Nyai Ratu Roro Kidul.
Tapi anjeunna tetep
panasaran, palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina impenan. Cai laut
teras-terasan diubek, niatna milarian satria tea. Eta sababna pangna laut kidul
kasohor galede ombakna. Lantaran hayoh wae diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.
3.
Si Kabayan Moro Uncal
Urang kampung geus
saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang
nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag
boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh
Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung
dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso
raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,”
jawabna.
Nu rék moro laju indit.
Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan.
Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan
misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari
tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok
nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk.
Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun
uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu
siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu.
Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan
panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh
lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk
uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu
kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo
horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug
hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki
pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh
kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg….,
ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro
nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé
ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal
ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal
hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal
sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung
lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun
tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna
ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah
teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si
Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si
Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura
Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)
Nurutkeun Danu Suprapta
(1976), babad nyaeta salah sahiji jenis sastra sejarah nu ngagunakeun basa Jawa
anyar nu ngalaman sasaruaan dina hal nu rupa-rupa, saperti ngaran diri, ngaran
geografi, sasaruaan kajadian, jeung sajabana.
Nilik kana wangenan,
babad mibanda sipat-sipat saperti nu ditataan dihandap :
1. Sakral.
2. Religio.
3. Legendaris.
4. Mitologis.
5. Hagiografis.
6. Simbolis.
7. Sugestif.
8. Istana sentris.
9. Fragmentaris.
10. Raja.
11. Lokal.
12. Anonim.
- Sasaruaan istilah
carita babad :
1. Dongeng Sejarah.
2. Carita Sejarah.
- Kagunaan ayana carita
babad nyaeta :
1. Pikeun ngalegitimasi
asal-usul kajadian.
2. Minangka panungtun
pikeun para turunan.
3. Babad ngajarkeun kumaha
campur gaul di masarakat waktu harita.
- Contoh Carita Babad :
1. Babad Godog (di Garut).
2. Babad Cikundul (di
Cianjur).
3. Babad Panjalu (di
Ciamis)
Zaman baheula di
daerah Panjalu aya hiji karajaan anu diparentah ku Prabu Boros Ngora, Sang
Prabu kagungan dua putra nyaeta Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana.
Kalakuan eta dua raja teh beda pisan. Lanceukna, nyaeta Raden Arya Kemuning sifatna
rada barangasan jeung ngedul di gawe. Sedeungkeun adina nyaeta Raden Arya
Kencana estuning bageur jeung resep tatanen.
Dina hiji poe aya
paguneman antara Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana, ceuk Raden
Arya Kemuning “eweuh gunana
rama Prabu nyieun waduk Lengkong teh, ka cape-cape kudu ngabendung. Padahal mah
antep bae teu aya waduk oge urang mah teu burung beunghar ieuh”
“Ih .... ari kakang waduk Lengkong teh gede pisan manfaatna, rahayat
Panjalu bisa nyawah kalawan teu kakurangan cai, pepelakan jadi salubur, sasaton
lalintuh, lauk oge mani ceuyah, rahayat oge katembong barungaheun pisan “ceuk Raden Arya
Kencana.
“ heeuh, da adi mah patani, ari akang mah teu hayang teuing jadi patani
da akang mah hayang jadi Raja, mun geus pupus Rama Prabu teh, nya meureun akang
anu jadi gantina teh!” Arya Kemuning
nyerengeh semu anu agul.
“ Leres ari kitu mah, tapi ...Raja oge kudu dirojong ku rahayatna,
kakang. Mun rahayatna ngedul tur pakayana gaplah, atuh bakal sangsara.
Mun geus sangsara pinasti raja oge kabawa malarat. Saha nu salah ? nya Raja da
bongan teu bisa mimpin rahayatna.” walon Arya
Kencana.
“ Meunggeus gandeng! tong sok mapatahan ari ka lanceuk teh! pamali.” ceuk Arya
Kemuning muncereng keuheul.
Sabaraha taun tiharita,
Prabu Boros Ngora ngecapkeun kalungguhanana salaku Raja Panjalu. Anjeuna
masrahkeun karajaan ka putrana anu cikal nyaeta Raden Arya Kemuning.
Ti harita anu jadi
dalem Panjalu teh Raden Arya Kemuning. Ari Prabu Boros Ngora jeung Raden Arya
Kencana mah arindit ka Jampang rek niiskeun diri ti saprak didaleman ku Arya
Kemuning, rahayat Panjalu jadi malarat.
Kusabab sakabeh hasil
tatanen jeung pakaya rahayat teh dirampas ku Raden Arya Kemuning, jeung
kemuning teh mindeung curak-carek, beuki lila rahat beuki sangsara bae.
Kulantaran geus sagala seep, Kemuning aya maksud rek ngabedahkeun waduk
Lengkong. Tapi samemehna rek ngabejaan heula Prabu Boros Ngora di Jampang. Nya
manehna nitah pangawalna indit ka Jampang ngabejaan Sang Prabu tapi Sang Prabu
moal tiasa ka Panjalu tapi ngirimkeun wakilna nyaeta Raden Arya Kencana.
Gancang carita, Raden
Arya Kencana jeung pangiringna geus nepi ka Panjalu. Barang jol, kacida
ngajeunghokna ningal waduk Lengkong geus saat, koredas taya cai saeutik-eutik
acan. Pudigdig bae Arya Kencana teh napsu, awakna ngagidir, panonna buringas.
“ Hey, kakang ! kakang teu ngajeunan ka Rama Prabu sok sanajan anjeunan
teu sumping, tapi aya kaula wawakilna. naha kakang geus wani-wani ngabedahkeun
waduk Lengkong tanpa idin ti kaula” ceuk Arya
Kencana.
“ Kaula mola ngajenan ka andika kusabab andika mah adi kaula, lain Rama
Prabu “ ceuk Arya
Kemuning.
Bakat ku keuheul, Arya
Kencana teh ngarontok Arya Kemuning. antukna der bae galungan campuh pisan.
Balad-baladna oge sarua pada tarung ragot pisan untung kaburu datang
utusan Prabu Boros Ngora ti Jampang.
Di lamping Gunung
Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya; aya situ hiang
katelahna Talaga¬warna. Sering pisan anu ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon
sukan-sukan bari ningali kaanéhanana. Margi titingalian di sakurilingna éta
talaga teu kinten saéna, kakayonna anu arageung ngararombyong ka sisi cai,
patingrunggunuk sapertos kénging ngahaja ngatur; kawuwuh ha¬wana tiis, kawantos
di luhur gunung.
Nanging ari bangsa
urang mah teu warantuneun ngaga¬dabah, malah awis aya anu ngahaja ngadon macangkrama
borak-borak di sisi Talagawarna mah, margi sieun ku ma¬malana, pédah éta tempat
dianggap sanget.
Ku sabréhan ogé
katingali geueumanana, pantes seueur dedemitna, caina ngagimbleng, sakapeung
héjo, sakapeung jingga, sakapeung semu konéng atanapi kajas. Éta margina nu
mawi éta situ hiang disebat Talagawarna, réh caina sok gentos-gentos warnana.
Numutkeun cariosan
sepuh urang Cianjur, nu mawi rupi caina sok robah-robah kitu téh, aya
sasakalana. Kieu dongengna:
Jaman baheula palebah
dinya téh aya nagara anu teu kinten raména, gegek jelemana tur balaleunghar
deuih. Anu jumeneng raja kawentar asih ka abdi-abdi, kagurnita ka¬adilanana,
puguh deui ari kabeungharanana mah kakoncara ka mana-mana.
Kacarioskeun Kangjeng
Raja kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya tandingna, salira
jangjing lenggik, rarayna ngadaun seureuh, keningna ngajelér paéh, waosna gula
gumantung, panangan bentik ngagondéwa.
Atuh ku ibu ku ramana
sakalintang dipusti-pustina, di¬eugeuh didama-dama, éstu saniskanten
dipupujuhkeun, sakapalayna teu aya nu dipungpang.
Barang Sang Putri
parantos yuswa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri, nindak kana turun
amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesék salira, di karaton
pipidangan, gentos-gentos panganggo nu murub mubyar di¬tabur inten widuri.
Midang teu aya musimna,
ningkes panganggo anu wareu¬teuh siang-wengi, saniskanten kedah ninggang
surupanana. Sareng salamina kedah ngaleuseuhan baé, teu kersa nganggo nu lusuh.
Upami sinjang songkét, atuh raksukanana kedah suat emas pulas kayas, sumberna
kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditarétés inten, malah sanggul
diréka¬-réka kénging nyusurup, parantos aya emban tukangna.
Ku ibu ku rama éstu
diayunkeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk béh, sayagi geusan
ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeutna.
Binangkitna putri kana
ningkes panganggo parantos teu aya tandingna, jadi pamujian saeusi nagri,
ditiru ditaru¬rutan ku istri-istri sadaya.
Ku margi ti
mumurangkalih dibiasakeun ngaleuseuhan wungkul téa, sareng tingkesanana teu
kénging pisan aja géséhna, lami-lami putri sering pusing galih, réh bingung
kumaha nya pimodéleun, da anu parantos aya mah karaosna matak bosen, karaosna
kieu teu surup-kitu teu surup.
Damelna nangis ngurihit
ka ibu ka rama, nyuhunkeun inten keur rarambu kekemben, sareng mundut berlian
keur tabur raksukan, mundut jambrut keur papaés pajeng, sareng mundut deui
rupi-rupi permata anggoeun ieu-anggo¬eun itu pangwuwuh anu parantos aya.
Awitna mah pamundutna
ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu langka, dibélaan
ngadadak nimbaIan mantri ponggawa ngilari ka unggal nagri. Atuh permata ogé
dugi ka parantos sababaraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.
Nanging lami ti lami,
tina sanget kasengsrem ku tingkesan anu marodél téa, pamundut putri seueur
pisun murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah,
yén kahoyong anu sarupi kitu mah henteu matak jadl papaés kapantesan.
Atuh Sang Putri sering
bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang kahoyong, damelna kutuk
gendeng, dugi ka wantun ngupat nyebatkeun medit, nyebat kumed, majar teu nyaah
ka putra.
Dina hiji dinten putri
sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-emban, sakumaha biasa
badé aya deui pamundut, réh kaangsonan ku mojang eusi puri, majar surup mawa
sieup, upami tungtung rambut unggal¬ lambar digantélan ku mirah sareng widuri.
Ku Kangjeng Raja
digumujengkeun, pamundut anu sa¬kitu minculakna téh, disebatkeun murka
kaleuwihan, ditung¬tungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.
Nanging ujug-ujug
jengkét baé putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu tata
pasini.deui, wur baé permata anu dicandak harita ku anjeunna diawurkeun kana
mas¬taka ramana. Gejlig putri ka latar, jamotrot bendu ka sepuh bari
ngagantawang kieu, ”Kop tah cokot deui ari owel mah dipaké ku ....!"
Ajaib pisan teu acan
tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial baé cai ngabulak-bulak ti tengah
latar téa, leb karaton kakeueum, musna rupa nagara dadak sakala salin jinis
ngajadi talaga.
Nu mawi caina ayeuna
sok gentos-gentos rupi téh, nyaéta duméh kahibaran ku cahaya berlian sareng
permata nu sanés; anu mayak di dasarna, tilas ngawuran mastaka Kang¬jeng Raja,
ramana putri nu murka téa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar