Pedaran Biantara
Biantara atawa Pidato teh nya eta mangrupa kagiatan dina
nganepikeun pedaran ku lisan ngeunaan hiji perkara atawa pasualan nu dilakukeun
hareupeun jalma rea.
Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana,
diantarana :
1. Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
2. Biantara ngaliwatan radio
3. Biantara ngaliwatan Televisi
4. Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.
1. Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
2. Biantara ngaliwatan radio
3. Biantara ngaliwatan Televisi
4. Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.
Ditilik tina dina Eusina, biantara mibanda tilu (3)
sifat :
1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang jeung jujur.
1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang jeung jujur.
2. Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa
mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu
ditepikeun, ciri-cirina nya eta dumasar dumasar kana kahayang pribadi,
rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.
3. Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur
ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan,
ngukuhan bebeneran, jeung dana.
Cara nganepikeun Biantara sakuduna :
1. Sorana kudu kadenge atawa eces ku nu ngaregepkeunnana
2. Lentong basa atawa intonasina sing merenah tur genah didanguna
3. Perhatikeun titik koma, tanda seru, jeung tanda tanyana
4. Puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina
5. Hadena tong pondok teuing oge tong panjang teuing luyu kabutuhan
1. Sorana kudu kadenge atawa eces ku nu ngaregepkeunnana
2. Lentong basa atawa intonasina sing merenah tur genah didanguna
3. Perhatikeun titik koma, tanda seru, jeung tanda tanyana
4. Puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina
5. Hadena tong pondok teuing oge tong panjang teuing luyu kabutuhan
Unsur atawa runtuyan naskah keur Biantara atawa
Piadato, diantarana :
1. Salam, atawa pangwilujeng
2. Kalimah bubuka
3. Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
4. Eusi Biantara
5. Kacindekan atawa ringkesan biantara
6. Kalimah panutup, bisa oge Du’a
7. Salam panutup atawa pangwilujeng
1. Salam, atawa pangwilujeng
2. Kalimah bubuka
3. Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
4. Eusi Biantara
5. Kacindekan atawa ringkesan biantara
6. Kalimah panutup, bisa oge Du’a
7. Salam panutup atawa pangwilujeng
Contona bae bisa biantara ngeunaan Pangajian, Jum’atan, Bewara,
nyambut acara resmi, acara paturay tineung, biantara upacara Bendera, jsb.
Ungkara basa dina Biantara
Dina eusi biantara ngarah euyeub basana, bisa bae urang
mahamkeun Babasan jeung Paribasa. Babasan jeung Paribasa teh kaasup kana
pakeman basa. Ari pakeman basa, nya eta pok-pokan maneuh anu ngandung harti
siloka, henteu sacerewelena. Eta omongan dilarapkeun ka jelema nyokot tina
ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema bae, aya oge nu nyokot
tina ngaran sasatoan atawa tutuwuhan anu di wangun ku omongan geusan ngedalkeun
kereteg hate atawa pikiran.
Babasan
Babasan ngawangun hiji kecap (kantetan) atawa idiom, tina basa
Yunani idios anu hartina sorangan, mandiri, pribadi, husus, atawa has.
Babasan teh sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya
eta ucapan-ucapan nu hartina henteu sajalantrahna, susunan basana ringkes,
saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sacerewelwna. Contona : “dulang tinande”
(awewe mah kumaha lalaki), “nyalindung ka gelung” (ngandelkeun [usaha]
pamajikan), “ngadu angklung” (parea-rea omong nu taya gunana), “buntut kasiran”
(koret / medit).
Paribasa
Paribasa ngawangun rupa kalimah atawa proverb, nya eta ungkara
winangun kalimah (kalusa) nu kekecapan katut susunanna geus matok, tur maksudna
geus puguh, puguh entep seureuhna puguh surupannana, biasana ngandung harti
babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Paribasa harti asalna mah panyarek, tapi kiwari paribasa teh
hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku, jst. Contona :
“mapatahan ngojay ka meri”, “lauk buruk milu mijah”, “jati kasilih ku junti”,
“adean ku kuda beureum”, “jabung tumalapung sabda kumapalang”, “balungbang
timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan”, “cikaracak ninggang batu,
laun-laun jadi legok”, “hade ku omong goreng ku omong”, jsb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar